Ngaran Wanci Dina Kahirupan Urang Sunda Baheula


Dina basa Sunda, kecap poé téh aya sababaraha harti. Kahiji, poé anu hartina salila aya panonpoé, nyaéta beurang anu diteruskeun peuting; beurang lilana 12 jam, jeung peuting ogé sarua 12 jam. Kadua, poé dina harti “hari” mun dina basa Indonésiana mah, jadi lilana téh 24 jam. Lamun aya anu nyarita, “Geus opat poé teu balik-balik”, éta téh teu nuduhkeun beurang wungkul, tapi kaasup jeung peutingna. Katilu, poé dina harti diteundeun di tempat anu katojo atawa kanapasan ku panonpoé, maksudna mah ngagaringkeun ku cara dipoé.

Dina kahirupan urang Sunda, anu disebut awal poé téh (dina hari sapoé sapeuting, anu 24 jam téa) nyaéta ti meletékna srangéngé. Kitu nurutkeun kala Sunda, sakumaha anu kungsi ditulis dina makalah “Kala Sunda”, disusun ku Ali Sastramidjaja, anu gedé kaleukeunna dina nyusun pananggalan Sunda. Éta makalah téh kungsi dipedar dina Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS), taun 2001, di Bandung.

Jadi dina netepkeun tanggal ogé, ceuk aturan kalénder Sunda mah ti mimiti meleték poé. Béda jeung dina kalénder Maséhi anu dimimitian ti tengah peuting (pukul 00.00). Atawa dina kalénder Hijriah anu nangtukeun tanggal ti surupna panonpoé.

Dina kabiasaan urang Sunda mah aya anu disebut “malem”, upamana malem Kemis, anu nuduhkeun tacan asup ka poé Kemis, sabab ari anu disebut poé Kemis mah kudu isukna, dina geus bijil panonpoé.

Ayana katangtuan ngeunaan poé dibagi kana jam, éta téh sanggeus urang Sunda wanoh kana pakakas ngitung waktu (érloji, béker, jam dingding, jam saku) anu jolna ti Barat. Pasti anu ngawanohkeunana mah urang Walanda. Dina jero sapoé aya 12 jam, dina sapeuting ogé 12 jam deuih. Mun sapoe sapeuting tangtuna gé 24 jam. Terus ditangtukeun deuih yén dina sajam téh aya 60 menit, dina samenit aya 60 detik.

Urang Sunda kiwari geus pasti mun nanyakeun waktu téh: pukul atawa tabuh sabaraha? Bakal dijawab pukul atawa tabuh 09.06 (salapan leuwih genep menit), upamana. Baréto mah nanyakeunana téh ku ngagunakeun ungkara: wayah naon atawa wayah kumaha. Demi ngajawabna sok maké kecap wanci, upamana wanci haneut moyan.

Sesebutan pikeun nuduhkeun wanci dumasar kana posisi panonpoé (tangangé,lingsir, surup), kabiasaan anu lumangsung di alam (waktuna sasatoan ngampih, disada), atawa peristiwa anu ilahar dina kagiatan urang Sunda (pecat sawed, sareureuh budak).

Tangtu waé sesebutan pikeun nuduhkeun waktu ku ngagunakeun istilah wanci mah henteu ngepas pisan (akurat) sakumaha ceuk ukuran jam, komo menit. Kahirupan urang Sunda baheula anu agraris bawirasa teu mikabutuh akuratna waktu, mana komo lamun tepi ka ukuran detik jeung menit mah. Béda deui jeung urang Sunda kiwari anu profésina geus rupa-rupa, dina ngatur waktu téh geus diwincik tepi ka menit. Anu kudu enya-enya akurat dina ngatur waktu jaman baheula mah ukur sawates pikeun nangtukeun iraha mimiti datangna waktu solat atawa ngamimitian jeung buka puasa.

Jadi, lamun urang Sunda baheula jangji rék nyémah, upamana, terus nyebutkeun wanci pecat sawed pikeun datangna, geus tangtu moal ngepas sakumaha ceuk aturan jam. Béda deui, upamana, jeung lamun nyebutkeun yén rék nyémah téh pukul 10.10. Ari anu disebut wanci pecat sawed mah bisa pukul sawelas kurang, bisa leuwih.

Ceuk Ali Sastramidjaja, ngaran-ngaran wanci anu patali jeung kaayaan poé dina kahirupan urang Sunda téh nyaéta:

1. Mimiti panonpoé meleték disebut meleték panonpoé (pukul 06.00). Lamun panonpoé mimiti pisan némbongan/meleték, itungan poé dimimitian. Lamun tadi peuting disebut malem Kemis, ti wanti meleték matapoé ganti ngaran ku poé Kemis.

2. Isuk-isuk atawa énjing-énjing (pukul 06.00-07.00). Lamun panonpoé atawa srangéngé enggeus némbongan di beulah wétan nepi ka wayah murag ciibun.

3. Beurang atawa siang, sabalikna tina peuting atawa wengi (pukul 06.00-18.00). Nyaéta salila aya panonpoé atawa aya caangna. Dina harti injeuman, beurang téh teu dihubungkeun kana caangna panonpoé, tapi keur ngabéjaan waktu anu geus deukeut kana wancina, atawa ngabéjaan bisi tina waktuna. Upamana waé aya nu nyarita, “Geura indit kaituh, geus beurang.”

4. Murag ciibun (pukul 07.00-08.00). Nyaéta waktu ciibun maruragan tina dangdaunan atawa jukut.

5. Haneut moyan (pukul 08.00-09.00). Nyaéta waktu karasa haneutna panonpoé.

6. Rumangsang (pukul 09.00-11.00). Nyaéta waktu sorotna panonpoé geus karasa panas.

7. Pecat sawed (pukul 11.00). Nyaéta waktu munding dieureunkeun gawéna, sawedna dipecat/dilésotkeun tina munding. Terus patani boh di sawah boh di kebon dalahar.

8. Tengah poé atawa manceran atawa tangangé (pukul 12.00). Nyaéta waktu panonpoé ayana di luhureun urang. Euweuh kalangkang anu ka wétan atawa ka kulon.

9. Lingsir atawa menggok/mengok (pukul 13.00-14.00). Mun panonpoé geus ngésér ka kulon ti tengah poé. Karasa matapoé téh keur papanasna.

10. Soré atawa sonten (pukul 14.00-18.00). Wayah antara lingsir jeung sariak layung.

11. Tunggang gunung (pukul 16.00-17.00). Nyaéta waktu panonpoé katémbongna aya di puncak gunung.

12. Ngampih laleur (pukul 16.30). Nyaéta waktu laleur ngarampih.

13. Sariak layung (pukul 17.00). Waktu méga geus ganti warna, langit geus semu konéng maju ka beureum.

14. Burit (pukul 17.00-18.00). Waktu méga geus beureum maju ka hideung. Tatangkalan ngan kari kelemengna harideung.

15. Sanékala atawa sandékala (pukul 17.30-18.30). Nyaéta beurang rék pindah ka peuting.

16. Sareupna (pukul 18.00). Waktu matapoé surup. Témpona téh sakeudeung pisan. Waktu ieu téh wanci pindahna ti beurang ka peuting atawa malem. Lamun tadi poé Kemis, nya ti wanci sareupna ganti ngaran jadi malem Jumaah.

17. Harieum beungeut (pukul 18.30-19.00). Waktu panonpoé geus teu témbong, ngan kari caangna di langit.Tatangkalan ngelemeng harideung, maju ka poék mongkléng mun teu caang bulan mah.

18. Malem (pukul 18.00-06.00). Dipaké nyebut ngaran poé waktu peuting, saperti malem Jumaah, hartina tadi téh poé Kemis, isuk poé Jumaah. Jadi ti pukul 18.00 tepi ka pukul 06.00. Kecap malem téh kudu dibarung ku ngaran poé atawa ngaran poé jeung pasar, saperti malem Jumaah Kaliwon.

19. Peuting (pukul 18.00-06.00). Waktu sapanjang euweuhna panonpoé, rék keur caang bulam rék keur poék bulan. Jadi lilana peuting téh 12 jam, ti pukul 18.00 tepi ka pukul 06.00. Ti mimiti panonpoé surup tepi ka meleték deui.

20. Sareureuh budak (pukul 20.00). Nyaéta sanggeus barudak sararé.

21. Sareureuh kolot (pukul 21.00). Nyaéta sanggeus kolot sararé.

22. Tengah peuting (pukul 24.00). Nyaéta tengah-tengahna peuting. Anu sararé, biasana keur talibra saréna.

23. Janari (pukul 00.00-04.00). Wayah di antara tengah peuting tepi ka rék balébat.

24. Kongkorongok hayam (pukul 02.00-04.00). Nyaéta waktu hayam mimiti kongkorongok.

25. Disada rorongkéng (pukul 04.00). Nyaéta waktu rorongkéng mimiti disarada, saméméh balébat. Rorongkéng téh ngaran sato gegeremet (serangga).

26. Balébat atawa haliwawar (pukul 05.00). Mun di langit geus mimiti haliwawar, nyaéta mimiti témbong aya méga anu kacaangan ku sorotna sinar matapoé anu rék meleték.

27. Carangcang tihang (pukul 05.30). Mun caangna langit geus katempo ti jero imah, nembus bilik. Ari tihang imah mah tetep poék, tapi geus kaciri ngagareleng hideung.

4 Komentar

  1. Hatur nuhun artikelna, janten uninga nami-nami wanci

    BalasHapus
    Balasan
    1. Sami-sami, hatur nuhun atos kersa sindang.

      Hapus
    2. Sami-sami, hatur nuhun atos kersa sindang.

      Hapus
  2. Dina bahasa Sunda pukul teh nyebar na tabuh . Tabuh 15.30. Tabuh satengah opat sonten

    BalasHapus